TRI PROGRAM PESANTREN MIFTAHUL HIDAYAH

{ TRI PROGRAM PESANTREN } Kasauran Uwa Ajeungan (KH. Choer Affandi), anu katampi sareng tiasa dicandak pengartosna...! Tujuan pasantren ti zaman Wali Songo nepika ayeuna teu robah nyaeta aya TILU : 1. Nyitak "Ulamaul 'Amiliin". Sabab. العُلَماء ورَثةالأنبياء وأُمناءالرّسول "Ulama teh ahli waris para Nabi jeung nu mawa amanat karosulan". 2. Nyitak "Imamal Muttaqin". Mun teu nepi kana predikat Ulama, nu kadua mah kudu nepi, kudu jadi kokojo manusa anu taqwa ka Alloh. 3. Nyitak "Muttaqin". Mun teu jadi imamal muttaqin, teu boga media, sakalieun diri mah kudu jadi jalma anu taqwa. Supaya urang ulah meleset tina tri program pasantren tadi, ulah lesot tinu opat ieu : 1. Ngabengharkeun diri ku elmu agama Islam 2. Ngalatih diri make ajaran agama Islam 3. Di usahakeun gaduh pendidik jeung pengasuh yang sangat disiplin (Guru Mursyid). من لا شيخ فشيخه شيطان Jalma nu teu boga guru, maka guruna teh syetan. 4. Riyadloh (kujalan Muhasabatunnafsi sareng...